📅 Kalender Hari Ini
Masehi:
Hijriah:

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Pasunatan nalika prak wudu

b. Nalika prak wudlu, nyaeta:

  • 1. Nyela-nyelaan janggot lalaki anu kandel nalika ngumbah raray, carana ramo panangan baseuhan heula teras coroken tibelah handapeun janggot bari ramona renggangkeun. 
  • 2. Nyela-nyelaan ramo panangan kujalan ramo panangan renggangken teras pacoroken anu kenca kana anu katuhu jeung sabalikna.
  • 3. Nalika ngusap sirah atawa rambut, usap sakabeh sirahna atawa rambutna, carana:>>
  • √. Dua dampal panangan baseuhan heula
  • √. Dua curuk kenca katuhu tepungken teras antelken kana awal rambut tarang, sareng Dua jempol simpen dina palipis anu kenca sareng anu katuhu,
  • √. Teras usapken eta curuk nu tos di tepungken tadi ti mimiti awal rambut nu payun dugika katukangeun sirah tur nepi kana punduk,
  • √. Saterasna baliken deui  kapayun sahingga rambut sirah malik, upami teu aya rambutan atanapi rambutna panjang eta mah cekap diusapkenana kapengker wungkul.
  • 4. Ngusap sadaya cepil, carana:
  • √. Curuk kenca sareng katuhu rorekeun kana lupat-lepit cepil palih payun,
  • √. Jempol kosok-kosoken kana cepil palih pengker.
  • 5. Nyela-nyela ramo suku dua, carana :
  • √. Ramo panangan kenca coroken kana ramo suku katuhu,
  • √. Ramo panangan katuhu coroken kana ramo suku kenca,
  • √. Tur nyorokeuna tibelah handap dampal.
  • 6. Manjangken gurroh, nyaeta nalika ngumbah raray bagian tina sirah sing kakumbah (ulah pas teuing batasan raray), oge cepil, tur lupat-lepit punduk.
  • 7. Manjangken tahjil, nyaeta nalika ngumbah panangan sing ngiring kakumbah peupeuteuyan panangan, oge nalika ngumbah suku sing dugika ngiring kakumbah tengah-tengah bitis.
  • >>>karena aya hadist nabi :
"Saestuna umat kami bakal diundang dina poe qiyamah dina kaayaan moncorong raray jeung leungeuna tina tapak wudluna, maka singsaha anu mampu prak pigawe" (H.R Bukhori Muslim)

  • 8. Ngosok-ngosok anggota wudlu anu dikumbah.
  • 9. Ngumbah/ngusap anggota wudlu tilu kali-tilu kali.
  • 10. Nalika ngumbah panangan sareng suku heulaken anu katuhu.
  • 11. Merhatiken/ngagumatiken ngumbah keuneung sareng juru panon.
  • 12. Wudluna tuluy-tuluy tegesna dina nalika migawe wudlu teu kasela pagawean sejen.
  • 13. Migawe wudlu bari mayun qiblat.
  • 14. Ulah bari ngobrol.
  • 15. Maca Du'a nalika ngumbah anggota wudlu :
  • √. Nalika kekemu:

أَللَّهُمَّ اسْقِنِي مِنْ حَوْضِ بَيْتِكَ صلى الله عليه وسلم كَأْسًا لَا أَظْلَمَا بَعْدَهُ أَبَدًا

"Ya Alloh mugi gusti masihan leueut ka abdi sagelas tina talaga nabi gusti SAW anu abdi moal dahaga salamina"

  • √. Nalika nyingreuk cai kana irung:
أَللَّهُمَّ لَا تَحْرِمْنِي رَائِحَةَ نَعِيمِكَ وَجَنَّاتِكَ

"Ya Alloh mugi gusti ulah ni'mat sareng surga gusti" ngahalang abdi tina seungitna

  • √. Nalika ngumbah raray:

اللهم بيض وجهي يوم تبيض وجوه وتسود وجوه اللَّهُمْ يَوْمَ وُجُوهُ وَتَسْوَدُّ وُجُوهٌ

"Ya Alloh mugi gusti ngabodaskeun raray abdi dina dintenan aya anu barodas sareng anu harideungna raray"

  • √. Nalika ngumbah dua panangan:

اللَّهُمَّ أَعْطِنِي كِتَابِي يَمِينِي اللَّهُمَّ لَا تُعْطِنِي كِتَابِي بِشِمَالِي

"Ya Alloh mugi gusti masihkeun buku amal abdi ditampi kupanangan katuhu abdi, mugi gusti ulah masihkeun buku amal abdi ditampi kupanangan kenca abdi"

  • √. Nalika ngusap sirah:

اللَّهُمَّ حَرَمُ شَعْرِي وَبَشَرِي عَلَى النَّارِ وَأَظِلَّنِي تَحْتَ عَرْشِكَ يَوْمَ لَا ظِلَّ إِلَّا ظِلَّلْكَ

"Ya Alloh mugi gusti ngaharamken rambut sareng kulit abdi tina naraka, sareng mugi gusti ngiuhan abdi dihandapen iyuh-iyuih arasy gusti dina poean teu aya iyuh-iyuh kajaba iyuh-iyuh gusti"

  • √. Nalika ngusap cepil:

أَللَّهُمَّ اجْعَلْنِي مِنَ الَّذِينَ يَسْتَمِعُونَ الْقَوْلَ فَيَتَّبِعُونَ أَحْسَنَهُ

"Ya Alloh mugi gusti ngajantenken abdi tiantara jalmi-jalmi anu nguping kana ucapan teras nuturken kana anu saeņa"

  • √. Nalika ngumbah dua sapean:

أَللَّهُمَّ ثَبَتْ قَدَمَى عَلَى الصِّرَاطِ

"Ya Alloh mugi gusti netepken dua dampal sampean abdi dina nalika ngailawat dina luhuren cukang naraka"

Klik>>>>c. PasunatanSaba'da wudlu, nyaeta:

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat-sayart Syah Dan Wajibnya Sholat, Juga Pembahasan Hukum Tato Dan Bab Aurat Lengkap

Hukum Mengqodho Sholat Bagi Yang Sudah Meninggal

BAB SUSUCI