📅 Kalender Hari Ini
Masehi:
Hijriah:

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Pangbatalan Wudhu

D. Pangbatalan wudlu


Sabab-sabab anu ngabatalkeun kana wudlu eta aya opat:


1. Yaqin aya anu kaluar tina salasahiji  palawangan qubul/dubur, kajaba kaluar mani etamah wajib adus, anu kaluarna mah naha bentuk angin (hitut) atawa bentuk benda, rek anu biasa atawa teu biasa, sareng rek garing atawa baseuh.


2. Leungit aqal, naha sabab weureu/mabok, gelo, sakalor, sare, kajaba sarena jalma anu bari diuk anu teu robah biritna/atawa bujurna tina tempat diukna (rapet dina tempat pangdiukan), Sanajan sarena bari nyarande. Atuh kalaur tina kecap sare maka teu batal wudlu kusabab nundutan, cirina nundutan eta ngadenge keneh kana sora jalmi anu ngomong sanajan teu faham.


3. Nyabak farji bangsa adam sanajan mayit atawa budak, naha qubul atawa dubur, nyabakna ngangge dampal tampah atawa dampal ramo panangan. ari anu matak ngabatalken tina farji istri eta tempat antelna dua biwir farji.

Catatan: kaluar ku kecap dampal ramo atawa tampah atuh nyabkna ku tonggong pananganmah teu matak batal wudhuna. 


4. Paantelna dua kulit istri sareng pameget anu tos balegh duanana bari sanes mahram, sanajan antelna teu di barengan sareng syahwat, atawa teu ngahaja atawa deui dipaksa. Ari anu dimaksud kulit teh anu salian huntu, rambut, sareng kuku.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat-sayart Syah Dan Wajibnya Sholat, Juga Pembahasan Hukum Tato Dan Bab Aurat Lengkap

Hukum Mengqodho Sholat Bagi Yang Sudah Meninggal

BAB SUSUCI